Lalajo Pilem Jeung Kulawarga
Dina hiji poé, kuring jeung kulawarga badé nonton pilem jumbo di bioskop. Sanggeus nepi ka bioskop, kuring jeung kulawarga langsung meuli tiket. Sarta ulah poho kuring ogé dibeuli popcorn jeung inuman keur di studio nya. Sanggeus meuli popcorn jeung inuman, kuring jeung kulawarga langsung ka studio.
Sanggeus asup ka studio, abdi jeung kulawarga langsung néangan korsi, sarta di jero studio geus pinuh ku jalma-jalma nu hayang nonton ogé. Teu lila sanggeusna, pilemna dimimitian. Sakabéh jelema ngarasa bungah jeung teu bisa sabar pikeun lalajo. Di tengah-tengah pilem, sadaya jelema seuri, ngarasa tegang, sarta sedih sabab aya sababaraha bagian anu pohara matak.
Pilemna réngsé sarta kabéh nu aya di studio ngagebrak lantaran éta pilem téh alus pisan. Sanggeus ti bioskop kuring jeung kulawarga mah langsung balik. Ujug-ujug, teu lila sanggeus kuring balik ti bioskop, sepupu kuring datang ka imah pikeun ulin. Sateuacan kuring jeung dulur-dulur kuring ulin, kuring jeung kulawarga kuring dahar heula babarengan.
Sanggeus dahar, kuring ulin jeung baraya nepi ka soré. Kuring jeung dulur-dulur téh bagja pisan sabab urang geus maén kartu, udag-udagan, ucing sumput, sapedahan, jeung sajabana. Dina waktu éta, kuring ngarasa bagja pisan sabab bisa nongton pilem jeung kulawarga jeung ulin jeung dulur-dulurna.
Komentar
Posting Komentar